LATEST POSTS:

Sesebatan Basa Sunda

{[['']]}
Sebatan ka jalma

Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta:
a) Ngabantun tina benten yuswa,
b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana,
c) Ngabantun tina tingkah-laku, sareng
d) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.

A. Sesebatan ka jalma, ngabantun tina benten yuswa

Baleg tampele = Beger(pameget), binarung rasa isin/sieun.
Baraya = Anu sami sarundayan dina pancakaki.
Baris wali = Pameget turunan ti rama.
Batur sakasur  = Iistri-pameget/salaki-pamajikan.
Bebene  = Kabogoh (istr)/piistrieun.
Beger = Mangkat birahi, pameget ngawitan resep ka istri, ngawitan istri resep ka pameget.
Beger mindo = Beger ka dua (yuswa 30 taunan).
Beubeureuh = Kabogoh (pameget) /pisalakieun.
Beubeureuh maneuh  = Caroge/salaki.
Bilatung dulang = Budak sesedengna resep barangtuang.
Budak/murangkalih = Ti ngawitan tiasa calik, dugi ka bade rumaja.
Bujang jenglengan = Pameget sesedengna rumaja.
Bujang kolot = Pameget nu tos yuswa 40 taun, tacan nikah.
Bujang tarangna = Pameget, nu tos kawin, tapi tacan nikah.
Cueut ka hareup = Yuswa langkung ti 50 taun.
Deungeun-deungeun  = Batur, taya patula-patalina sareng pancakaki.
Duda maesan = Pameget nu dikantun maot, ku istrina.
Dulur mindo  = Putra dulur misan.
Dulur pateterean  = Istri/pameget, nikah, pada gaduh/nyandak putra ti nu tipayun.
Dulur sabapa = Ramana sami,ibuna benten.
Dulur sabrayna/Dulur misan  = Putra rayi, atanapi putra raka.
Dulur saindung  = Ibuna sami, ramana benten.
Dulur sasusu  = Nu nyusuna ka ibu nu sami.
Dulur/Dulu pet ku hinis = Adi/lanceuk saibu-sarama.
Galak Sinongnong = Beger(istri), ti katebihan wanton, tos caket, isin.
Gulangkep  = Nikah ka wargi/pamili.
Jabang bayi = Orok nu masih keneh dina lebet kandungan.
Jajaka, bujangan = Pameget, nincak rumaja (tacan nikah).
Kembang buruan = Budak nuju sesedengna pikayungyuneun.
Kulawarga = Ibu,rama,putra.
Lelengkah halu = Budak nuju diajar leumpang.
Ngemboan = Rumaja/pameget, nu soantenna ngawitan ngaageungan, salira sembada, ngawitan bijil kumis lemes.
Orok = Ti ngawitan dilahirkeun, dugi ka tiasa calik.
Pamili  = Anu saturunan atanapi sakocoran ti ibu/rama.
Pancakaki = Rundayan turunan. Conto: Nini/aki- indung/bapa - anak - incu - buyut - bao - janggawareng - udeg-udeg - kait/gantung siwur - laer. ancakaki sanesna: Lanceuk - adi - paman - bibi - ua/toa - alo - suan - lanceuk misan - lanceuk sabrayna - adi misan - adi sabrayna. Panganten = Istri/pameget nu ditikahkeun.
Parawan jekekan = Parawan sesedengna rumaja.
Parawan kolot  = Istri nu yuswana tos langkung ti 28 taun, tacan nikah.
Parawan,cawene,mojang = Istri nu nincak rumaja (tacan nikah).
Patih goah  = Istri/pamajikan.
Pikun  = Tos sepuh pisan, emutanana tos mulih deui sapertos murangkalih.
Randa  = Istri nu tos dipirak/ditalaq.
Randa bengsrat  = Istri nu tos, dipirak, tapi tacan kulem sagebrug( parawan keneh).
Randa maesan = Istri nu dikantun maot ku pamegetna.
Sengserang padung = Jalmi nu parantos sepuh, nu tereh maot
Sengserang panon = Parawan/rumaja sesedengna resep ka pameget.
Tawehwoh = Tos sepuh pisan, waosna tos arompong.
Tengah tuwuh  = Yuswa 50 taun.
Tokroh-tokroh = Tos sepuh pisan, mapahna nganggo teteken/iteuk.
Tunggang gunung = Yuswa langkung ti 60 taun.
Turun Amis Cau = Rumaja putri, nu nembe kaluar rambut lemes/bulu, tina luhureun taar. Cirina, soanten halimpu, resep dangdos/ngageulis.
Turun karanjang = Pameget nu dikantun maot ku istrina, nikah ka adi-beuteung.
Umuran/Meunang umur  = Yuswa 40 taun.
B. Sesebatan ka jalma, ngbantun tina Rupa / Wanda / Kaayanana

Bahenol = Istri geulis taya cawadeun, pikabitaeun pameget.
Bayuhyuh = Pameget nu lintuh.
Bedegul  = Salirana besekel.
Beke  = Salirana pendek.
Belekesenteng = Buta-tulang,buta-daging,meujeuhna gede wawanen, rosa tanaga.
Bengo = Baham/sungutna menyon ka kiwa/tengen. Biasana akibat struk, incok, atanapi nyabut waos lalawora.
Beuteung-anjingeun  = Patuanganana neros ageung ka luhur, sapertos beuteung anjing.
Beuteung-bangkongeun = Patuanganana rubak ka gigir.
Bewosan  = Pipi sareng gado pinuh ku bulu.
Bolotot  = Siki socana ageung.
Bongkok  = Tonggongna bengkung.
Bongkok meongeun  = Bengkung palebah punduk.
Bongsor/Haloghog = Enggal ngaageungan.
Bopeng  = Dina damis (pipi) seueur ceda tilas cacar.
Bucitreuk  = Patuangan ageung/nonjol, salira alit.
Budayut = Bureuteu, patuangan nyemplu.
Bule  = Kulit sareng rambutna sapertos Walanda.
Buntet  = Salirana pondok.
Butak  = Rambutna teu janten/murudul/dugul semu herang.
Cadel = Nyariosna teu bentes, lebah nyebat huruf R.
Cameuh = Gadona nyueut ka payun.
Candael  = Nyariosna anca.
Ceking  = Salirana alit/begang.
Cenggehan = Remana aya nu dempet.
Ciriwis = Rambutna carang.
Deleng  = Panempona/panenjona = menceng.
Denggol = Tarangna nongnong.
Deog-pengkor = Ngagepor teu tiasa mapah.
Egang = Mapahna ngageang, sapertos murangkalih nu nembe disepitan.
Galing  = Rambutna merengkel.
Galing muntang = Galing tungtungna wungkul.
Gehgeran = Sok nurutan cariosan atanapi gerak batur/latah.
Gembil = Pipina lintuh.
Gembru = Budak lintuh.
Geulis = Istri nu gaduh rupa sae.
Gondok = Panyawat dina tenggek (beuheung), ngagayot.
Gondok-laki = Bagian tulang genggerong/tikoro nu nonjol(dina tenggek pameget).
Harigu-manukkeun = Dadana rada nonjol ka payun.
Hideung santen = Semu hideung, mulus sareng beresih.
Hulu-peutieun = Sirahna alit, teu saimbang sareng salirana.
Jebleh = Lambey handap ngampleh.
Jebrag = Dampal sampeanana meber ka gigir.
Jeding = Lambey luhur nyudik.
Kampeng = Sirahna penjol.
Karehol = Waosna teu beres.
Kasep = Pameget nu gaduh rupa sae.
Kempot  = Damis/Pipina ngalewo upami imut, sapertos liang undur-undur. bIasana istri. Sok nambihan geulis.
Kempreng = Pananganana paeh teu tiasa diobahkeun.
Keueuseun = Waos murangkalih aya teu janten sapalih, dugi ka siga ompong.
Kiting  = Rema/Ramona merengkel.
Kutet = Salirana alit wae.
Lenggik = Istri nu cangkengna alit.
Lolong  = Socana teu ningal, duanana.
Mikung = Cepilna alit, daun cepilna kewung(semu murungkut).
Montok = Awakna seseg tur sehat.
Ngohngor = Waosna nonjol ka payun.
Ompong = Waosna parunglak.
Pacer = Bitisna alit.
Peang = Salirana kuru, teu saimbang sareng jangkungna.
Pecak = Socana teu ningal sapalih (sabeulah).
Pengkeh = Sampeanana leter 0.
Pincang = Sampeanana alit sapalih.
Pinced = Tetepokanana(Sakedik luhureun pingping/caket birit), luhur sapalih.
Pireu  = Teu tiasa nyarios.
Ponges = Pangambungna cacad.
Rebing = Daun cepil (ceuli)na rubak.
Rejeh = Biwir socana beureum tur caian wae.
Rijep = Socana sering ngerejep/keukeureuceuman.
Saliwang/liwar = Sering lepat nguping/sapertos nu kirang dangu.
Sengkek = Tenggekna/beuheungna pondok.
Sipit = Siki socana ali (sapertos soca Cina/Jepang).
Songgeng = Bujurna nonjol ka pengker, cangkengna dengkeng.
Sumbiar = Upami ningal, teu anteb, kamana karep.
Suwing = Lambey luhurna mung sapalih/cacad. T
aktak-korangeun = Taktakna mudun (teu simetris), sapertos korang.
Teklok = Sampeanana leter x .
Telebeng = Bebeng/rada lintuh, teu aya cangkengan.
Tonggar = Waos luhur nonjol ka payun.
Torek = Teu tiasa ngadangu/nguping.


C. Sesebatan ka jalma, ngabantun tina patokan tingkah laku

Alus kukulinciranana = Gede milik.
Anak - emas = Kakasih, anu leuwih dipikanyaah.
Anak bulu taneuh  = Turunan bapa tani.
Batur - sakasur = Pamajikan atawa salaki.
Belang - bayah = Hade diluarna dijero na mah goreng.
Buntut - kasiran = Medit
Ceplak-pahang = Ngomongna matak pinyerieun batur.
Ceuli – lentaheun  = Teu kaop ngadenge sora tuluy hudang.
Dulang - tinande  = Pasrah ka salaki.
Geledug – ces = Jangjina mulek tapi teu tulus.
Gereges -gedebug = Gurunggusuh,
Lesang - kuras = teu bisa nyekel/nyimpen rejeki.
Getas - harupateun  = Mutuskeun hiji perkara tara dipikir heula.
Goong nabeh karia = Ngagulkeun sorangan.
Goreng - sungut = Resep ngagorengkeun batur.
Hampang - birit  = Daekan.
Hampang - leungeun = Sok resep tunggal-teunggeul.
Handap asor, handap lanyap = Sopan santun.
Hejo - tihang = Anu resep pundah-pindah imah/digawe.
Heuras - genggerong/beuheung = Embung eleh.
Kokolot - begog = Nyanyahoanan/budak anu pipilueun kana urusan kolot.
Kokoro -nyoso = Malarat
Kurang- saeundan = Kurang ingetan.
Leutik - hate  = Kurang wawanen/kawani.
Maliding sanak = Pilih kasih.
Murag bulu bitis = Tu beutah cicing di imah.
Neneh - bonteng = Ngan nyaah kana dahareunana wungkul.
Paeh - baseuh = Paeh ditandasa.
Panjang - leungeun = Resep ceceremed,
Pareumeun - obor = Teu apal jujutan turunan.
Peujit - koreseun = Teu kuat nahan lapar.
Siksik - melik  = Belikan.
Tiis - pikir = Tenang hate.
*)Kat. Kawilang = kaitung;
Yuswa = umur;
Kokolot begog = nyanyahoanan;
guminter = asa pangpinter.

Sumber : http://sundakuring.weebly.com
Share this article :
Lihat PETA WISATA ZI'ARAH CIKUNDUL di peta yang lebih besar
Lisensi Creative Commons
WISATACIKUNDUL oleh BUDAKSHARETM disebarluaskan di bawah Lisensi Creative Commons Atribusi-BerbagiSerupa 4.0 Internasional.
Berdasarkan ciptaan pada http://wisataziarahcikundul.blogspot.com/.
Izin di luar dari ruang lingkup lisensi ini dapat tersedia pada @WISATACIKUNDUL.

 
Support : MOVIE LIVE | LIVE DOWNLOAD
Profile Google + : PUTRA SUNDA | BUDAKSHARE-TM
Copyright © 2014. WISATA CIKUNDUL - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Follow on FACEBOOK : (1) Wisata Cikundul
Follow on TWITER : (2) Wisata Cikundul
Loading the player...